no ngasal

Jawaban:
Penjelasan:
Paribasa "aya jalan komo meuntas" hartina nyaeta "manggihan cara atawa jalan pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan". Paribasa eta sarua oge hartina jeung "aya cukang komo meuntas". Kecap "aya jalan" atawa "aya cukang " maksud sarua nyaeta "manggih cara". Cukang nyaeta jalan atawa jambatan pikeun meuntas susukan.
Biasana jalma anu ngarasa atawa nyarita "aya jalan komo meuntas" teh sok terus nyarita "asa meunang bongbolong". Asa meunang bongbolong hartina nyaeta sarua jeung asa meunang bantuan atawa jalan. Saperti disebutkeun di luhur, kalimah "aya jalan komo meuntas" mah mangrupa paribasa, sedengkeun "asa meunang bongbolong mah" henteu dianggap hiji paribasa atawa babasan.